Inspirasi

Belajar, Bekerja dan Beribadah seumur hidup

Minggu, 17 Januari 2010

Kaulinan Urang Sunda

Ambil-ambilan
nyaéta kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.

Anjang-anjangan
nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.

Boy-boyan
nyaeta salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 ~ 15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-na.


Congklak
nyaéta kaulinan maké papan kai dieusi kewuk. Geus aya lombang-lombangna 7, ngajajar. Di hareupeun lombang 7 ge aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna. Eta lombang teh dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa bareto mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batu laleutik.
[édit]

Cara maén

Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gede minangka lombang rajana mah henteu dieusian, dipaenkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabeh lombang leutik dieusian, tuluy salahsahiji nu maen nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka beakna siki. Giliran ieu nu lombang gede (tabungan manehna, nu beulah kencaeun nu maen) ge dieusian sasiki, lasutna teh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "nembak", siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maen eta. Nya geus kitu mah bagilir bagean pamaen lawanna da lasut tea. [1]


Galah asin
nyaéta kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
[édit] Palaturan

Aya sababaraha kalompok (grup). Sakalompokna biasana aya dua urang. Paulinan ieu biasana di buruan taneuh anu lega, saumpamana di lapangan terus make garis. Cara ngulinkeunana salah sahiji kalompok, nangtung sajajar ngajagaan lapang atawa garis. Tiap garis dijagaan ku tiap urang. Kalompok anu lawan tugasna sangkan bisa ngaliwatan eta garis. Lamun bisa ngaliwatan garis kahiji kudu dituluykeun deui kanu baris kadua. Mun gagal ngaliwatan garis berarti eleh. Saterusna tuluy gantian.

Gatrik
nyaéta kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.

Ngadu kaléci

nyaéta kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
[édit] Palaturan

Kaulinan ieu paling henteu kudu dimaenkeun ku duaan. Dibutuhkeun kaleci (pincian) jang maenkeunana. Hiji pincian jang pamatah nu sejena jang mayar mun eleh.

Ngadu kaleci perlu lahan nu rada lega. Paling henteu saukuran lapangan poli atawa satengahna. Makana mun maraen pincian teh di pakarangan imah nu lega. Dina area ngadu kaleci dijieun dua garis nu sajajar. Jarak garis kahiji ka garis kadua sekitar...er..paling henteu 4 meter.

Cara maenkeunana kieu; 1. Pemain narangtung di garis nu kahiji siap-siap ngalungkeun kaleci. Tujuan ngalungkeun ngarah kaleci lagragna deukuet ka garis nu kadua, syukur-syukur pas dina garis (telep). Urutan ngalungkeun mun kakarek maen biasana diundi make cara sut (gangsut?). 2. Pemaen nu kalecina lagragna pang deukeutna kana garis maen pangheulana. Di susul ku nu sejena dumasar kana jarak ka garis. Cara maenekuna make ramo tangan kaleci diarahkeun ka kaleci batur. Mun beunang budak nu kalecina beunang kudu mayar ku kaleci, oge langsung ngarah kaleci nu sejena. Hiji. Mun teu beunang nya enggeus ingkeun nungguan bisi kaleci urang rek diarah ku batur.

Pérépét jéngkol
nyaéta kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.

Nu maenna 3-5 urang, gerakanana engkle bari muter, biasana dipaenkeunna di buruan imah atawa di sakolaan. Ieu kaulinan bisa jadi lomba mun dipaenkeun ku sababaraha kelompok. Tiap-tiap kelompok kudu mertahankeun ulah nepi ka leupas si kakaitan suku teh. Nu meunang nyaeta nu bisa nahan/ lila teu leupas-leupas.

Maenna, tiap-tiap budak milih kelompokna, tuluy patukang-tukang bari pacekel-cekel leungeun, salajengna suku kenca atawa suku katuhu eta budak dikaitkeun kana leungeun nu keur pacekel-cekel tea, disusul deui ku suku budak nu sejen, budak nu pamungkasngaitkeun suku kudu bari ngonci suku-suku nu sejen, meh teu gancang leupas. Sanggeus dikonci, tuluy leungeun barudak nu pacekel-cekel dileupaskeun. satuluyna engkle bari muter, salian ti muter bari emprak jeung ngawih. Ngawihna kieu: "Perepet jengkol jajahean,kadempet kohkol jejeretean". Mun diantara budak, sukuna aya nu leupas, nya lasut, sedengkeun nu masih kuat mah nya dituluykeun. Mun kabeneran aya keneh sababaha kelompok nu kuat, kelompok-kelompok eta patubruk-tubruk; sing saha nu teu bisa nahan tuluy labuh, eta nu eleh.

Kieu kawihna: Perepet Jengkol Laras: Salendro, Surupan 1 = Barang

2 1 5 1 2 1 5 1 1 2 1 5 1 2 2 1 5 1 1 pe re pet jeng kol ja ja he an ka dem pet koh kol je je re te an



Sondah
nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
[édit] Cara maénkeun

Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci. biasana dina taneuh diguratan heula, rek ku kapur atawa ku naon wae asal aya tapak guratna. Tempat sondahna naha rek gambar imah, atawa jelema, lamun gambar jelema, minangkana sukuna teh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak. Tuluy anderok atawa calana mun anderok samodel trapesium dibagi dua, mun calana samodel pasagi panjang sarua dibagi dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.

Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng. Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah tea, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maenna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak engkle-engklean (kaci ku suku kenca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah anderok/calana kaci istirahat. tuluy na bagean awak gambar engkle deui, nepi ka sirah gambar istirahat. tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy engkle deui, pas lebah aya kojo tea nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy engkle deui. mun geus beres, kojona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy we kitu

puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.

Sorodot gaplok
nyaéta ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun


sareng sajabana...........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar